Pages

Titinggal Sajarah Karajaan Sumedang Larang

Karajaan Sumedang larang anu ngadeg satutas runtagna Karajaan Pajajaran (Pakuan) alatan di serang ku konfirasina Karajaan Banten ti beulah kulon, karajaan Cirebon jeung Mataram oge Jayakarta. Pikeun nyalametkeun pamor karajaan sunda tur ngadegkeun eksistensi karajaan nya diutus 4 panakawan Pajajaran anu katelah kandaga lante ka Sumedang Larang, nya ti harita nanjeurna Karajaan Sumedang Larang anu dicirian ku diistrenanana Prabu Geusan Ulun jadi raja Sumedang Larang kalawan make makuta Pajajaran.

Kakawasaan karajaan Sumedang Larang ampir sarua legana jeung wilayah Provinsi Jawa Barat ayeuna kajaba wilayah Cirebon. 
Ku kaayaan eta, urang Sumedang mah ngarasa reueus nepi ka ayeuna oge lamun maca sajarah Sumedang Larang, sabab sakitu lega kakawasaanana  jeung pamor Sumedang Larang lantaran di hanteu-hanteu oge panerus karajaan Pajajaran.
Ciciren kungsi ayana karajaan Sumedang Larang anu bisa dibuktikeun dina danget ieu aya di Musium Sumedang. Diantarana makuta raja nu di taretes emas anu dibawa ku 4 panakawan kandaga lante ti karajaan Pajajaran, Pedang embah Jaya Perkosa, keris Prabu Geusan Ulun jeung pakakas perang saperti tumbak, kujang. Eta titinggal karajaan Sumedang Larang teh diruat jeung dipupusti di musium Kabupaten Sumedang.

Seni Sunda Ngarangrangan

Sedih tur nalangsa ngabandungan seni sunda ti waktu ka waktu, lir ibarat tangkal mahoni nu ngarangrangan dina usum halodo. Padahal seni sunda teh budaya urang sarerea nu kuduna mah ku urang teh dipupusti tur di kembangkeun. Conto nu paling basajan diantarana dina usum hajat boh di lembur atawa di kota, ayeuna mah arang langka urang nempo hahajatan nanggap degung atawa kacapian komo nanggap wayang mah jajauheun, kasenian sunda kasilep ku tatanggapan nu sejena saperti orgen tunggal/electone. 
Ari nu jadi alesan lolobana mah naggap orgen tunggal mah leuwih murah tibatan nanggap degung sabab personal orgen tunggal mah saeutik ngan ukur pamaen organ, biduan, pembawa acara ditambah weh tukang kendang mun jang lagu dangdut atawa pop sunda. Sedengkeun degung mah personal na riab, ceuk babasan mah hambur nyuguhan. Sajaba na ti alesan eta diantarana orgen tunggal mah bisa nampilkeun sagala lagu boh pop Indonesia, pop Sunda, dangdutan atawa lagu-lagu barat.

Indonesia-Sunda Online

Kontroversi Prabu Geusan Ulun

Dina jaman karajaan Sumedang Larang, Cirebon jeung Sumedang ngalaman perang campuh alatan marebutkeun awewe, cenah mah alatan Raja Sumedang ngiwat Ratu Cirebon. Padahal nurutkeun ieu carita sajarah sunda faktana saperti nu di pedarkeun dihandap ieu.

Prabu Geusan Ulun
Prabu Geusan Ulun (1580-1608 M) dinobatkeun pikeun ngagantikeun kakawasaan bapana, Pangeran Santri. Anjeunna netepkeun Kutamaya minangka ibukota karajaan Sumedang Larang, anu tempatna di bagian Kulon dayeuh. Wewengkon kakawasaanana ngawengku Kuningan, Bandung, Garut, Tasik, Sukabumi (Parahiangan) kajaba Galuh (Ciamis). Karajaan Sumedang dina mangsa Prabu Geusan Ulun ngalaman kamajuan anu luar biasa di widang sosial, budaya, agama, militer sarta pulitik pamaréntahan. Sanggeus wafat dina taun 1608, putera angkatnya, Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata atawa Rangga Gempol I, anu dipikawanoh kalayan ngaran Raden Aria Suradiwangsa ngagantikeun kapamingpinanana.


Sunda Sumedang Larang

Karajaan Sumedang Larang nyaéta penerus karajaan Sunda Pakuan Pajajaran anu aya di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Karajaan Sunda Pakuan Pajajaran runtuh di wewengkon Pakuan, Bogor, alatan serangan aliansi karajaan-karajaan Cirebon, Banten sarta Demak (Jawa Tengah). Saprak harita, Sumedang Larang dianggap jadi penerus Pajajaran sarta jadi karajaan anu ngabogaan otonomi sabeuleugeunjeurna pikeun nangtukeun nasibna sorangan.

Asal-mula ngaran
Karajaan Sumedang Larang asalna pecahan ti karajaan Sunda-galuh anu ngagem agama Hindu, anu diadegkeun ku Prabu Geusan Ulun Aji Bodas luhur paréntah Prabu Suryadewata saméméh Keraton Galuh dipindahkan ka Pajajaran, Bogor. Saluyu jeung robahna jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sababaraha kali parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Tembong Agung (Tembong hartina katempo sarta Agung hartina luhur, nempokeun ka Agungan Anu Maha Kawasa) dipingpin ku Prabu Guru Aji Bodas dina abad ka XII. Prabu Guru Aji Bodas ngabogaan putra anu ngaranna Prabu Tajimalela sarta saterusna dina mangsa jaman Prabu Tajimalela, digantian jadi Himbar Buana, anu hartosna nyaangan alam, Prabu Tajimalela kungsi ngomong “Insun medal; Insun madangan”. Hartina Kuring dilahirkan; Kuring nyaangan. Kecap Sumedang dicokot ti kecap Insun Madangan anu robah ngucapkeunana jadi Sun Madang anu saterusna jadi Sumedang. Aya ogé anu boga pamadegan asalna ti kecap Insun Medal anu robah ngucapkeunana jadi Sumedang sarta Larang hartosna hiji hal anu euweuh tandingnanana.


Panglawungan

Dina danget ieu dimana teknologi jeung informasi beuki maju ngaliwatan media-media anu bisa diakses dina internet, televisi, surat kabar jeung media lainna. Nerekabna media-media eta mangaruhan kana sikep jeung laku urang sarerea boh anu positif atawa negatif. Budaya sunda nu hirup ti jaman ka jaman tangtuna kapangaruhan ku ayana kamajuan jaman. Anu paling gampang katempo jeung karasa, contona dina ngadidik budak-budak urang, ayeuna mah teu saeutik barudak anu hese ngucapkeun basa sunda anu merenah undak usukna. Aya anggapan yen ngucapkeun basa sunda sapopoe teh henteu gaul, nu tungtungna barudak ayeuna mah diajeurkeun ku kolotna teh basa Indonesia. Teu salah da memang eta teh basa Nasional, ngan ceuk kuring mah leuwih hade di ajar basa sunda heula dilingkungan teh da ari basa Indonesia mah bisa di tingkatkeun di sakola.
Kaayaan ieu geus ngarupakeun tangara, yen basa jeung budaya sunda teh geus ngarangrangan. Komo deui nilik kana dukungan media nu aya di tatar Jawa Barat, majalah mangle anu satia nyi'arkeun basa jeung budaya sunda geus ngarupakeun majalah anu hese neanganana. Mun hayang maca mangle teh kudu langganan. Koran Giwangkara, Galura, jeung koran-koran sunda sejenna ampir teu kapanggih mun urang neangan di tukang-tukang koran.
Sigana anu leuwih gampang mah, diantara sekeseler ki sunda anu masih keneh sumanget mupusti budaya sunda teh nya ku jalan nulis jeung ngainformasikeun ngaliwatan Internet, sugan jeung sugan bisa nepi jeung nerap ka barudak urang. Lantaran lunturna budaya jeung basa sunda teh lolobana mah di kota. Kulantaran urang kota mah dunya internet teh geus jadi budaya oge kabutuhan, sigana pas pisan nepikeun jeung ngamumule budaya sunda ka urang kota mah ngaliwatan Internet.
Mugia web sim kuring ieu sasieureun sabeunyeureun bisa ngahontal jeung ngaronjatkeun pangaweruh budaya jeung basa sunda. Amin