Pages

Napak Tilas Karuhun Sunda di Kawali


Teu kapikir ti baheula, saprak kuring boga pamajikan urang Ciamis malah mah upacara pernikahan ge di Ciamis. Yen Ciamis ngarupakeun saksi sajarah nanjeurna karajaan sunda nu sakitu kakoncarana di tatar Nusantara ku ayana Karajaan Sunda Galuh.
20 taun ti saprak ngahiji jeung pun bojo ayeuna. Kuring nincak deui Kota Ciamis, barang jlig suku nincak kana taneuh Ciamis rasa aheng na pikiran nyaliara kana ati sanubari. Jorojoy asa hayang napak tilas ka Kawali nu harita jadi puseur dayeuhna karajaaan Sunda Galuh.
Padahal harita teh keur dines, ngan kuatna tegad jeung niat hayang maluruh/napak tilas karajaan sunda. Sarengsena tugas pagawean, kurang leuwih jam 17.00 dianteur ku balad-balad nu nyepeng Kab. Ciamis dina kaayaan hujan ngaririncik kuring saparakanca miang ka Kacamatan Kawali.
Geuningan rada jauh oge ti Kota Ciamis ka Kac. Kawali teh, da puguh satungtung hirup karek kuring mah nincakeun suku di daerah Kawali anu cenah patilasan karajaan seuweu siwina urang sunda.
Barang tepi ka alun-alun Kawali dibageakeun ku hujan ngagebret, di alun-alun Kawali geus nyampak balad Ciamis nu dilapangan geus nungguan. Sanggeus rada raat bral kuring saparakanca ngajugjug Astana Gede Kawali anu pernahna di Kampung Indrayasa, Desa Kawali Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis.
Kurang leuwih sapuluh menit anjog ka "Situs Astana Gede" anu baheula mah dingaranan Kabuyutan Sanghyang Lingga Hiyang, legana ± 5 Ha. Tempatna di sisi gunung Sawal anu dikurilingan ku walungan-walungan jeung susukan anu ngarupakeun wates wilayahna. Salah sahijina walungan Cikondang ngarupakeun wates wilayah bagian kaler, Walungan Cigarunggang wates kidul jeung solokan-solokan leutik anu caina ngegenclang herang sok sanajan geus teu ngocor gede, hal ieu nambah kaendahan jeung kaasrian sarta nambahan resikna  situs Astana Gede.
Hujan masih keneh ngecrek nepi ka Situs Astana Gede teh, waktu geus nunjukeun wanci harieum beungeut. Anu asup ka jero situs teu kabeh rombongan. Da puguh aya anggota awewe nu teu wani asup ka astana nu sakitu gede jeung kawas-kawas leuweung geledegan.
Sanggeus mayar karcis kuring jeung 5 urang babaturan asup ka Situs Astana Gede. Barang gok oge ka jero ieu rasa geus asa kumaha. Komo barang nepi ka prasasti tempat nyimpen abu jenajah mah. Kabayang Prabu Lingga Buana ( Prabu Wangi) ramana Putri Citra Resmi Diah Pitaloka. Ya Allah sok sanajan beda ageman, tapi kuring teu bisa ngagambarkeun naon nu aya dina jero pikiran jeung dada kuring. Hate ngagerentes, ya Allah ieu teh titinggal karuhun susuhunan urang sunda anu geus jadi korban Perang Bubat bukti ciri sajarah nu teu bisa diragukeun deui. 
Barang gok ka situs pangeunteungan langsung pikiran teh kagambar ka Putri  Citra Resmi Diah Pitaloka, hate ngaleketey, pikiran narawang ka sabaraha ratus taun katukang. Putri Citra Resmi digambarkeun salah saurang wanoja sunda nu geulis kawanti-wanti, pananganan lir mucuk eurih, gadona endog sapotong, rarayna ngadaun seureuh, halisna ngajeler paeh, bitisna jaksi sajantung. Korban katelengasan Patih Gajah Mada dina perang bubat, 
Putri geulis rancunit kudu unggah bale watangan di dusun bubat ku teu rido ninggal rama kalih ibuna oge para mantri jeung pasukan Galuh nguyang getih, palastra di palagan bubat. Patrem nanceb na dadana, putri geulis pituin sunda perlaya ninggaleun kahanjeluan. Lamun kongan ningal bukti titinggal karuhun jeung inget kana sajarahna hayang ngagorowok......gusti.....harianeun. Sanajan hirup putri kawatesan sababaraha ratus taun katukang tapi na kongkolak panon kabayang lungguh timpuhna putri Citra Resmi jeung papuketna perang campuh di palagan bubat. Mugia.....dipaparinan kabagjaan di alam lain.
Sanggeus ngurilingan sakabeh tiitnggal karuhun sunda Karajaan Galuh, rasa panasaran lain kaubaran tapi hate kalah beuki motah, rasa panasaran sumarambah kana bayah. Hate reuus pacampur sedih karuhun urang sunda geus kalongok ku kuring. Wilujeung kantun karuhun, mugia urang sunda salawasna nanjeur, urang sunda sing sauyunan.

Anak Sasatoan


Anak anjing
=
 kirik/kicik
Anak kancra
=
 badal
Anak bagong
=
 begu
Anak keuyeup
=
 bonceret
Anak bandeng
=
 nanar
Anak kuda
=
 belo
Anak bangbung
=
 kuuk
Anak kukupu
=
 hileud
Anak bangkong
=
 buruy
Anak kutu
=
 kuar
Anak banteng
=
 bangkanang
Anak lancah
=
 aom
Anak belut
=
 kuntit
Anak lauk
=
 kebul/burayak
Anak bogo
=
 cingok
Anak lele
=
 nanahaon
Anak boncel
=
 bayong
Anak lubang
=
 leungli
Anak buaya
=
 bocokok
Anak maung
=
 juag/aum
Anak deleg
=
 boncel
Anak monyet
=
 begog
Anak embe
=
 ceme
Anak munding
=
 eneng
Anak gajah
=
 menel
Anak reungit
=
 utek-utek
Anak hayam
=
 ciak/pitik
Anak sapi
=
 pedet
Anak japati
=
 piyik
Anak ucing
=
 bilatung