Pages

Panglawungan

Dina danget ieu dimana teknologi jeung informasi beuki maju ngaliwatan media-media anu bisa diakses dina internet, televisi, surat kabar jeung media lainna. Nerekabna media-media eta mangaruhan kana sikep jeung laku urang sarerea boh anu positif atawa negatif. Budaya sunda nu hirup ti jaman ka jaman tangtuna kapangaruhan ku ayana kamajuan jaman. Anu paling gampang katempo jeung karasa, contona dina ngadidik budak-budak urang, ayeuna mah teu saeutik barudak anu hese ngucapkeun basa sunda anu merenah undak usukna. Aya anggapan yen ngucapkeun basa sunda sapopoe teh henteu gaul, nu tungtungna barudak ayeuna mah diajeurkeun ku kolotna teh basa Indonesia. Teu salah da memang eta teh basa Nasional, ngan ceuk kuring mah leuwih hade di ajar basa sunda heula dilingkungan teh da ari basa Indonesia mah bisa di tingkatkeun di sakola.
Kaayaan ieu geus ngarupakeun tangara, yen basa jeung budaya sunda teh geus ngarangrangan. Komo deui nilik kana dukungan media nu aya di tatar Jawa Barat, majalah mangle anu satia nyi'arkeun basa jeung budaya sunda geus ngarupakeun majalah anu hese neanganana. Mun hayang maca mangle teh kudu langganan. Koran Giwangkara, Galura, jeung koran-koran sunda sejenna ampir teu kapanggih mun urang neangan di tukang-tukang koran.
Sigana anu leuwih gampang mah, diantara sekeseler ki sunda anu masih keneh sumanget mupusti budaya sunda teh nya ku jalan nulis jeung ngainformasikeun ngaliwatan Internet, sugan jeung sugan bisa nepi jeung nerap ka barudak urang. Lantaran lunturna budaya jeung basa sunda teh lolobana mah di kota. Kulantaran urang kota mah dunya internet teh geus jadi budaya oge kabutuhan, sigana pas pisan nepikeun jeung ngamumule budaya sunda ka urang kota mah ngaliwatan Internet.
Mugia web sim kuring ieu sasieureun sabeunyeureun bisa ngahontal jeung ngaronjatkeun pangaweruh budaya jeung basa sunda. Amin