Pages

Seni Sunda Ngarangrangan

Sedih tur nalangsa ngabandungan seni sunda ti waktu ka waktu, lir ibarat tangkal mahoni nu ngarangrangan dina usum halodo. Padahal seni sunda teh budaya urang sarerea nu kuduna mah ku urang teh dipupusti tur di kembangkeun. Conto nu paling basajan diantarana dina usum hajat boh di lembur atawa di kota, ayeuna mah arang langka urang nempo hahajatan nanggap degung atawa kacapian komo nanggap wayang mah jajauheun, kasenian sunda kasilep ku tatanggapan nu sejena saperti orgen tunggal/electone. 
Ari nu jadi alesan lolobana mah naggap orgen tunggal mah leuwih murah tibatan nanggap degung sabab personal orgen tunggal mah saeutik ngan ukur pamaen organ, biduan, pembawa acara ditambah weh tukang kendang mun jang lagu dangdut atawa pop sunda. Sedengkeun degung mah personal na riab, ceuk babasan mah hambur nyuguhan. Sajaba na ti alesan eta diantarana orgen tunggal mah bisa nampilkeun sagala lagu boh pop Indonesia, pop Sunda, dangdutan atawa lagu-lagu barat.