Pages

Pasea

Mang Dasim mah mun pasea jeung pamajikanna teh sok tara patanya alias pacicing-cicing! atuh nyakitu deui mun dina kasur, sok patonggong-tonggong!
Hiji peuting, waktu maranehna rek sarare, pamajikan Mang Dasim ngadenge sora ngagebut tarik pisan! geuwat manehna nanya ka salakina bari nonggongan,
"naon eta nu ngagebut?" cenah.
"baju murag!!" jawab Mang Dasim teugeug. pamajikanna nanya deui, "naha mani tarik ngagebutna?" cenah bari tetep we nonggongan?
"pan jeung aingna!!" jawab Mang Dasim.
atuh bari nonggongan teh pamajikanna mesem..