Pages

Nepangkeun

Di hiji pasamoan lembur, kacaritakeun aya barudak KKN nu karek datang ti kota. Samemeh der praktek kerja nyata dimimitian ku ngawanohkeun tim KKN ka masyarakat. Kacaritakeun kabeh peserta KKN geus ngawanohkeun masing-masing. Saterusna masyarakat nu ngahadiran acara pembukaan oge ngawanohkeun masing-masing.
Pareng tokoh istri ngawonohkeun, deg nangtung salah sahiji pengurus PKK gorolang nyebutkeun ngaran :"Nepangkeun nami sim kuring Ice Juice, sadidinten mah di sebat Es Juss"
Atuh barakatak teh sakabeh nu hadir didinya sareuri, bari ting gerendeng......"atuh eta mah karesep budak urang, komo keur usum halodo kieu mah". Heeee...hheee aya-aya wae nya.